Saturday, January 22, 2011

dago plaza "candle light dinner"

berangkat ti ciwawa jam 7an, di depan poliklinik aya anu 'kena deh' agiska ibey di 'bully' ku anak-anak. pantesan diajak heng ot bareng, nolak. kusabab malem minggu nga-wecwew...hahaha. saberesna nga'bully', terus ka dapla (dago plaza), nya jalan Ir.H Juanda tea.
datang ka dapla, rencana awal karokoe, sambil nunggu karokoe, naek dulu ke 5th floor, maen karambol 6 lobang...hahaha
maen karambol 1 jam, terus solat isa. eta oge kudu turun heula ka Lower Ground (tempat parkir), kusabab mushola na ngan aya didinya. urang jeung om fedy solat isa, nu lainna insan, ricky, dea, galih, gama jeung adhit masih maen karambol di luhur.
ieu gambar wc nu aya tempat wudhu na.
tas beres solat isa, naek deui ka tempat karambol, maen sa game.

terus turun ti dapla, nungguan nu dinner (gama, ricky jeung galih) di KFC sebrang dapla sakaligus nambahan personil uminx anu datang na pas maen karambol na beres.
beres dinner di KFC, asup deui ka dapla, tadina ek karokoe, eh naha rencana na jadi pulang bareng... -_-"
teu nanaon lah, nu penting babarengan, langsung we caw ka ciwawa deui, dinner deui di warung bubur kacang ijo, nu ngabubur na mah ricky hungkul, nu lainna mah nga-mie goreng telor tea, pas pisan mesen mie goreng, kalakah pareum listrik, sedih na teh, nu pareum listrik, warung warung di sajajaran eta hungkul...hadoohh...kapaksa we, si emang na nyengeut lilin. jadi we candle light dinner jeung barudak di warung burcangjo. nepi ka jam setengah 12, ka kosan masing-masing we.

No comments:

Post a Comment

komen?