Tuesday, June 8, 2010

RELAY


Relay teh mangrupakeun komponen elektronik anu gawena ngagunakeun asas gawe elektromagnetik pikeun mindahkeun posisi kontak/sakelar.
Kusabab ari relay teh jiga sakelar biasa, jadi relay bisa digunakeun jang arus saarah atawa arus bulak balik.


Bagian utama tina relay nyaeta lilitan jeung kontaktor (Common dan Normally Close / NC,Normally Open/NO).
spek relay (mun rek jajan ka warung elektronik), sebutkeun we:"mang, relay SPDT 12 volt 5 amper sabarahaan?", tah jiga kitu mun neangan relay ka warung. jadi nu penting jang relay teh nyaeta tegangan gawena jeung sakumaha kakuatan ngagolontorkeun arusna. contona: relay 12v, 5A maksudna relay ieu teh nyaeta relay bakal gawe lamun dibere tegangan 12 volt kana lilitanana jeung bisa ngagolontorkeun arus nepi ka 5 Amper tina common/kontaktor kana NC atawa NO.
mun bebeja ka si emang warung relay jiga nu diluhur, insyaAllah bakal disodorkeun relay anu 5kaki saukuran 2.5cmx1.5cm.merek IKE (anu murah...ha..ha..)


tah, bisi aya nu bingung keneh, naon ari relay SPDT, SPST, DPST jeung DPDT.didieu bakal dibejaan.

SPST / single pole single throw. maksudna nyaeta relay anu aya hiji kontaktorna jeung hiji Normally Open. gambarna jiga kieu

lamu relay
SPDT / single pole double throw. maksudna nyaeta relay, kontaktorna hiji, jeung aya NO-NC.
gambarna jiga kieu.

DPST / double pole double throw. maksudna nyaeta aya 2 kontaktorna jeung NO hungkul.
DPDT / double pole double throw. maksudna nyaeta aya 2 kontaktorna jeung NC-NO.
gambar relay DPST+DPDT mah kira-kira we ku olangan, atawa ngobrol-ngobrol jeung abah google, pasti apaleun...ha..ha..

anu rada penting oge, nyaeta ieu relay teh sangkan gawe, salian ti kudu aya tegangan gawe na, kudu aya oge driver na. biasana sok dipake transistor / bjt jang nge-drive ieu relay.

tah, rangkaian anu diluhur ieu teh bisa digunakan jang beban DC atawa AC, misalkeun pikeun ngahurungkeun lampu kosan atawa lampu disko ge bisa...ha..ha..
tah, tina port kontrol, aya katerangan logic 0 atawa 1.
mun misalkeun eta logic tina mikropros atawa mikrokon, arus ngalir kana R 10k (biasana teu pake resistor nu hambatan gede, bisi arusna teu nepi kana transistor, jang nyobaan mah, pake anu 1kilo ohm we). tah, arus teh tuluy ngalir kana basis, jadi tegangan basis-emitor = 0.7v. inget keneh silikon? tegangan gawe transistor tina bahan silikon teh 0.7, jadi mun tegangan di basis-emitor 0.7 volt, maka transistor ieu ON, atawa aya arus anu ngagolontor tina vcc-->lilitan relay-->kolektor-->emitor-->ground. kusabab arus ngalir kana lilitan, maka bakal aya gaya elektromagnet anu nyedot si kontaktor, jadi si kontaktor teh nyambung jeung NO.
tah, lamun dina NO dipasang lampu disko jeung sumber tegangan ti PLN, maka lampu eta bakal hurung, tuluy mainkan...strip!....strip!...strip!..ha..ha..
geus ah, cape ngetikna. pokonamah jiga kitu we relay teh.mun rieut keneh mah, tong kuliah we...cape-cape karep...ha..ha..

No comments:

Post a Comment

komen?