Monday, October 17, 2011

rekap pagawean 17 oktober

tos 2 minggu diajar damel di PT DAS, alhamdulillah, senior balalageur, ngajar + ngadidik ngagunakeun cara anu bisa ditarima ku akal sehat. rekap macem macem peralatan, kondisi, cara gawe nu dilakonan di PT ieu nyaeta aya sababaraha langkah. kusabab posisi ayeuna aya dina jabatan trainee atawa disebut oge junior. jadi leuwih loba diajar tibatan digawe. leuwih loba ningali jeung tatanya tibatan ngalakonan pagawean. tina sababaraha elmu nu dikucurkeun ti senior dina jalan sareat, dina hakekat na mah tetep gusti nu maha suci nu nyurulungkeun elmu na, aya sababaraha pangarti nu bakal dibagikeun dina postingan ieu. 1. tools atawa nu disebut perlatan. dina sistem pengeboran, aya macem-macem jasa nu ditawarkeun ti perusahaan jasa perminyakan ka perusahaan minyak. tiap tiap jasa dikelompokeun kana sababaraha segment. sim kuring aya dina bagian pengeboran jeung pengukuran. jadi tools atawa perlatan anu digunakeun oge, nu aya kakaitna jeung ngebor jeung ngukur. alat pikeun ngukur na nu pasti nyaeta sensor-sensor anu dipasang dina chasis. chasis didieu, beda jeung pangarti jalma awam. chasis nu dimaksud didieu nyaeta sajenis silinder anu bahan na tina logam, panjang na aya nu 4 meter, nepi ka 6 meter. diameter na ti 4 inci, nepi ka 9 inci. beurat chasis na antara 1 nepi ka 2 ton. penjelasan nu leuwih rinci tina tools, teu kaci disebar luaskeun, kusabab informasi eta tools dikelompokeun kana private document. jadi, mun hayang apal rinci na, sok we kirimkeun CV na...hehehe 2. kondisi kusabab ieu teh perusahaan jasa dina bidang perminyakan. khususna, sim kuring dina bagian pengeboran jeung pengukuran. didukung ku posisi sim kuring dina teknisi elektronik, jadi ngan saukur peralatan elektronik nu jadi basis na. kondisi na aya dina zona aman, kusabab aya di laboratorium, dina lingkungan air conditioned, humdity sekitar 50-60%. lumayan genah pikeun posisi pagawean di ibu kota. 3. cara gawe cara gawe didieu. dina posisi trainee, nu jelas kudu dinamis, kudu terus diajar. tong gengsian lamun dititah itu jeung ieu. kadang-kadang senior marentahkeun pikeun ngagulung kabel, mat (matras), masang konektor, neangan hand tools (semacem obeng, palu, solder, konci L atawa allen key). eta teh di akhir na mah, ngajarkeun urang dimana posisi eta hand tools, kabel jeung sajabana. kumaha cara ngagulung kabel nu bener. kusabab kabel nu digunakeun didieu rada beda dibandingkeun jeung kabel nu biasa digunakeun. nu penting oge masalah konektor. sababaraha jinis konektor didieu ngagunakeun lapisan emas jeung perak, jadi perlakuana oge rada ogog. tiap gawe kudu make PPE (Personal Protectoin Equipment), nyaeta paken pikeun nutupan awak. PPE nu dipake nyaeta hand gloves (sarung tangan), cover all (baju bengkel/baju nu ngahiji jeung calana), goggles (kaca mata proteksi), safety boot (sapatu nu bagian hareupna aya lapisan logam). sabenerna masih numpuk nu kudu dicaritakeun, tapi kusabab katerbatasan tina informasi mana nu kudu dibagikeun jeung informasi mana nu jadi rahasia perusahaan, jadi ngan sakieu nu bisa dibagikeun. pikeun junior nu masih kuliah, sok dinikmati kuliahna, sing jujur jeung bener kuliahna. insyaAllah bakal digunakan dina pagawean. rek hardskill atawa softskill pasti aya nu digunakan. muga muga mangpaat.

No comments:

Post a Comment

komen?