Friday, September 3, 2010

ceramah sebelum tarowih anu terakhir di ciwaruga

kusabab engke subuh bade mudik, tadi sa acan taraweh, pa ustadz ngabahas tentang sodakoh.
hadist na teu apal, ngan maksud eta hadist.

lamun dina hiji waktu, urang manggihan atawa didatangan hiji jalma, anu maksudna eta jalma teh menta tulung ka urang. aya nu menta tulung masalah dunya, duit, atawa sajabana. maka ceuk eta dina hadist, urang tond ninggalkeun eta jalma, urang kudu apal heula, urang kudu nungguan heula eta jalma nepi beres nyaritakeun kabutuhana, anu maksudna, urang teh tong nyela jalma anu fakir. fakir didieu lain ngan saukur jalma anu fakir ku harta, tapi oge fakir ku sagala macem jenis. bisa fakir ilmu, fakir harta, jeung nu sajabana.

kunaon urang tong nyela eta omongan anu fakir anu datang ka urang. anu maksud eta jalma teh menta tulung ka urang, menurut eta hadist. jalma anu datang ka urang teh, bisa jadi lain ti golongan jalma atawa jin. eta teh bisa jadi ujian ti Allah, sakumaha kataqwaan urang, sakumaha nyaahna urang ka jalma fakir. sahingga urang bisa ngarasakeun kumaha hesena jadi jalma fakir.

No comments:

Post a Comment

komen?