Thursday, August 12, 2010

rangkean ADC + DAC anu mayank jeung irma


ieu rangkean proyekan kape irma jeung mayank.
eusina jigana pemproses sinyal, dijerona aya ADC, DAC, inverter, buffer, latch, komparator jeung op-amp.

rangkaian anu full na bisa di donlot didieu


input analog dikuatkan pake LF444 (inverting), tuluy di invert keun supaya jadi positif tegangana.
output tegangan tina LF444(U5D). terus dipake kana IC ADC 574 jang jadi input sinyal analog range na sampe 10V (kusabab make pin 10V RNG)
setingan pin 2,3,4,5,6 dina IC ADC, bisa ditingali dina datashit halaman 8 tabel 3.
pin 12 IC ADC, jang setingan tegangan na. naha pake tegangan positif hungkul, atawa postif jeung negatif tegangan tina input sinyal na,
potensio dina pin REFF IN jeung REFF out eta teh jang kalibrasi ADC na (datashit halaman 6).
IC 7416 nyaeta IC inverter, ngarubah kondisi input. mun input logik 1, maka output logik 0, kitu oge sabalikna.
output tina ADC nyaeta data digital, logik 1 atawa logik 0
trus di latch(tahan).
penjelasan latch nyaeta nahan data atawa neruskeun data. pengaturana pake pin LE jeung OE.
mun LE logik 1, maka data dilewatkeun, mun LE logik 0, maka data di tahan atawa teu dilewatkeun.
mun pin OE logik 1, maka output IC 74373 sesuai jeung inputna, mun pin OE logik 0, maka impedansi output tinggi.
IC 74244 nyaeta buffer, jang mastikeun logik, naha logik 0 atawa logik 1. jadi output IC ieu moal aya di daerah terlarang, sekitar 0.8 nepi ka 2 volt.
kusabab pin OE1 jeung OE2 dikasih logik 1 (vcc), maka output na enable atawa eksis atawa ayaan.
dina rangkaen aya kristal jeung IC counter (7490), eta dipake keur mikro dina intrupsi kana pin INT 0.
ic 7490 teh ngitung nepi ka 99 detik, trus dina detik ka 100 dijadikeun intrupsi pikeun at89s52
IC DAC 7520 make prinsip R2R, jadi input digital di-switch, trus output 1 jeung 2 na dibandingkeun trus dikuatkeun make LF444 (U5C).

No comments:

Post a Comment

komen?